Minggu, 29 Maret 2015

Dongeng-Sunda-Sang Prabu Siliwangi

Dina jaman Pajajaran dirajaan ku Sang Prabu Siliwangi, bangsa urang sakuliah Pulo Jawa, malah meh sakuliah nusantara ngagem keneh agama Hindu, tapi di sawatara tempat di basisir geus mimiti aya nu arasup Islam, malah Banten geus dirajaan ku Sultan Hasanudin, kitu deui Palabuan Sunda Kalapa, di muara Ciliwung, geus kaereh ka Banten, tegesna jelema-jelemana geus anut Islam.

Kacarita Sang Prabu Siliwangi nampi serat ti Sultan Banten, ungelna nganasehatan, supados Sang Prabu sarahayatna nganut agama Islam. Lamun teu kitu, tangtu diurug ti Banten. Sang Prabu maphum, yen balad Banten tohaga tur samakta pakarangna. Tapi tawis raja nu ngaraja dewek, taya nu ngereh, tur maksadna ngabela kayakinan, yen agama Hindu taya dosana, eta nasehat ku anjeunna ditolak sapadamayan.

Ari eta nu mawa surat ti Banten, saenyana urang Pajajaran keneh, ngan geus lila ngumbara di Banten, malah geus ka Mekah, ngajeroan ngulikna agama Islam, geus kaasup ulama gede jeung geus nelah jenenganana Kean Santang.

Enggal bae Sang Prabu Siliwangi teh nimbalan balad-baladna nohagaan nagara, sangkan bisa ngayonan musuh. Anu jadi senapati di Pajajaran jenengannana Norogol. Sawatara kapala perang geus diparentah ngajaga liliwatan di pagunungan., sangkan musuh teu bisa norobos ka Pajajaran.

Kacarita Wirakarta, hiji kapala perang nonoman, ngaraos hemeng, sabab ku nu jadi senapati teu diparentah nanaon. Anjeunna aya sangkaan, yen anu matak kitu teh, lantaran anjeunna saderek Kean Santang, nu geus menang jujuluk 'Macan Nusa Jawa' tea, tina gede wawanena kasartaan ku gagah perkosana.

Tina banget panasaran, tur ngaraos wajib ngabela lemah cai, anjeunna enggal ngadeuheus ka Sang Prabu, nyuhunkeun dipaparin bagian dina damel kaperjuritan. Sang Prabu enggal badanten sareng senapati, sarta enggal Wirakarta dipiwarang ngajaga kaca-kaca belah kulon. Tapi waktuna ngajaga, saur Norogol, kudu nunggu parentah deui. Ku sabab eta, Wirakarta teu senang manah, nepi ka teu kersa barang-tuang jeung teu kulem. Tujuh poe tujuh peuting terus tapakur, neneda ka paradewa, sangkan Sang Prabu ulah cangcaya. Sanggeus lebeng taya parentahan, Wirakarta leungit kasabaranna, terus bae nulis surat ku pesopangot dina daun lontar, diasupkeun kana ruas sarta di tutup ku malam. Hiji gandek nu jadi kapercayaan, diparentah ririkipan nganteurkeun surat ka Kean Santang di Banten. Eta gendek geus nyahoeun, yen disababaraha tempat geus dijaga ku perjurit Pajajaran, sarta lamun suratna tea katangkep, tangtu manehna jeung dununganana dianggap hianat ka nagara, nu kudu di hukum pati. Tapi tina percekana eta gandek, manehna bisa salamet nepika Banten, sarta gancangna carita, geus diaos suratna ku Kean Santang. Ari ungel eta surat nyarioskeun yen pangagung di Pajajaran ngandung curiga ka Wirakarta, nepi ka matak salempang pibalukareunana.

Kean Santang ngaraos bagja, kieu saurna jeroning manah, "Alamat hade ieuh.  Pibisaeun aing asup ka dayeuh Pajajaran, kudu nyorang kaca-kaca beulah kulon. Ayeuna eta kaca-kaca dijaga ku adi aing, atuh sasat ngan kari asup."

Harita keneh anjeunna ngawalon surat, Wirakarta dinasehatan, supaya biluk ka balad Banten, sarta baris meunang ganjaran ti Sultan. Dina malem Ahad-Legi tanggal lilikuran, anjeunna katut lima ratus perjurit, kira wanci kongkorongok hayam sakali, tangtu geus aya di Pajajaran, deukeut kaca-kaca kulon. Lamun aya anu ngetrok kana panto kaca-kaca, kudu gancang-gancang dibuka, sangkan balad Banten bisa asup poek-poek ka jero karaton. Kitu ungelna surat teh.

Teu kacatur di jalana, catrukeun geus datang bae nu mawa surat ka Pajajaran, jeung suratna geus dibuka ku Wirakarta. Anjeunna bingung, ras ka Raja anu jadi pupundena, ras deui ka lemah cai anu kudu di belaan, tapi  ras ka diri pribadi nu dipikacuriga ku senapati, jeung ras inget, yen balad Banten dikapalaan ku Kean Santang, nu geus nelah Macan Nusa Jawa tea.

Kacarita tengah peuting nu kaungel dina surat, Wirakarta geus aya di tukangeun panto kaca-kaca. Wanci kongkorongok hayam sakali, aya nu ngetrokan panto. Bray dibuka lalunan, sup Kean Santang asup sabaladna. Harita teh meujeuhna tiris. Lolobana perjurit Pajajaran sarare tibra, ngan saeutik anu kagiliran nyaring. Barang musuh geus arasup, nu sarare digeuingkeun, tapi lapur memeh nyekel pakarang, geus disabetan manten ku musuh, taya nu bisa nyangga pulia.

Sang Prabu Siliwangi digugahkeun ku Norogol, diunjukkanan langkung sae lolos ti palih wetan, margi nuju perang campuh palih ti kulon.

Najan biasana tandang di medan perang, mashur tukang mundung musuh, tukang ngabuburak barandal, harita mah Sang Prabu sejen wirasat, ngaraos perlu ngadangu kana pilunjuk Norogol. Enggal bae Sang Prabu lolos sagarwa-putra katut saeusi karaton, medal ti Dayeuh Pakuan lebet ka leuweung. Abdi-abdi anu seja belapati ka gustrina, pada ngiring.

Bray beurang murudul deui pirang-pirang balad Banten nu datang anyar, merangan jelema-jelema nu diluareun karaton. Saha-saha nu teu daek anut Islam, geus ulah ngarepkeun hirup.

Barang nepi Kean Santang ka karaton, rek mintonkeun kagagahan, jadi lempes, sabab ningali Norogol teu gedag bulu salambar. Kean Santang nancebkeun iteuk kana taneuh, lamun teu kacabut kudu asup ka Islam. Norogol teu bisa nyabut eta iteuk. Sang Prabu sasauran "Kami nyaho yen di dunya taya nu langgeng. Marga kersa Nu Maha Suci, ayeuna agama Islam kudu nanjung. Lamun terus perang sadulur, balukarna ngan matak ruksak nagara jeung sangsara sarerea. Maraneh kabeh kumaha raga katineung, meunang milih agama nu mana bae, Ari kami neneda ka Maha Dewa, nyuhunkeun asup ka Suralaya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar